Polisi Noban – Doel Sumbang

Ngan nu dagang gues areweuh nu ayateh tinggal tenda tenda gongli
Di tengah lapang tegal lega nu poek kawas di guha
Nya akhirna kuring balik padahal panon geus teu kuat buncelik
Jalan hampir teu katenjo nenjo beca siga bemo
Bakat ku tunduh teu sadar kuring ngalenyap

Itu Merupakan Kutipan Lirik Lagu Polisi Noban Yang Di Nyanyikan Oleh Doel Sumbang.
Lirik Yang Terkait Dengan Lagu Polisi Noban Beberapa Diantaranya Adalah:
Doel Sumbang – Polisi Noban.
Dan Berikut Ini Lirik Lengkap Dari Lagu Polisi Noban:

Doel Sumbang – Polisi Noban:
Poe kemis keur maraban hayam pelung
Kuring nampa beja, nini kuring gering parna di rajapolah
Kuring indit maksud rek ngalongok indit teh isuk-isuk ti bandung
Ti rajapolah balik teh rada peting bari panon geus rada cepel
Nepi ka bandung teh geus liwat tengah peting kota oge gues rada jempling
Samemeh ka imah nyimpang heula ka tegal lega

Ngan nu dagang gues areweuh nu ayateh tinggal tenda tenda gongli
Di tengah lapang tegal lega nu poek kawas di guha
Nya akhirna kuring balik padahal panon geus teu kuat buncelik
Jalan hampir teu katenjo nenjo beca siga bemo
Bakat ku tunduh teu sadar kuring ngalenyap

Gas katincak satakerna mobil ngoloyong ka kenca
Ampir naek kana trotoar
Kacida kuring rewasna rem ditincak satarikna
Nepi ngajerit sorana, ngajerit maratan langit kawas abg katincak buta
Eta rewas oge ncan beak, ujug ujug torojol mobil kijang
Nanya sim jeung stnk bari peupeuleukeu nyarita
Ku kuring geus di jelaskan kuring teh tunduh kacida
Ngalenyap henteu karasa tapi angger polisi teu daek percaya
Ngadon ngomong ngomong denda menta duapuluh rebu
Jeung bari satengah maksa aya ku euweuh ka era

Pasea oge henteu guna da pasti nu menang manehna
Bari jeung teu rido hate nyakapaksa kuring mere
Matak ka hatur ka bapa kapolda nu kitu teh teu kenging aya
Bilih ngareksak citra polisi
Pan aya paribasana karena nilai setitik rusak susu sebelanga
Kulantaran oknum dua polisi ical wibawa

Music Video:
Ini Adalah Video Music Doel Sumbang – Polisi Noban Dari Youtube Yang Bisa di Putar Di Bawah Ini

Doel Sumbang - Polisi Noban

Lagu Doel Sumbang – Polisi Noban Mp3 Bisa Kamu Beli & Download Di Platform Music Online Seperti Spotify, iTunes, Joox, Deezer Dan Lain-Lain.
Situs Ini Tidak Menyediakan Link Download Lagu Doel Sumbang – Polisi Noban Mp3, Karena Di Situs Ini Hanya Menyediakan Lirik Lagu & Chord Gitar Dan Embed Video Dari Youtube.